Entri Populer

Rabu, 23 November 2011

Pantun Sunda




PANTUN SUNDA
Disusun pikeun nyumponan salah sahiji pancen
Mata Kuliah Budaya Sunda








Disusun ku: Bayu Suarsa
Dikbsasinda 5A






SEKOLAH TINGGI ILMU KEGURUAN DAN PENDIDIKAN (STKIP)
SEBALAS APRIL SUMEDANG
2010


PANGJAJAP


Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah SWT anu parantos maparin rahmat sareng hidayah’Na kalayan widi Mantena, dugi ka tugas nu judulna “Pantun Sunda” ieu tiasa rengse dina waktosna.
Halangan jeung harungan anu disorang enggoning nulis ieu tugas henteu saeutik, boh anu datang ti diri simkuring nu nulis, boh kaayaan waragadna. Ku kituna, simkuring saparakanca ngahaturkeun sewu nuhun ka sdaya pihak nu parantos masihan bantosan sareng pangrojongna dugi ka rengsena ieu tugas. Mugia Allah SWT maparin welas asih kana sagala kasaean aranjeuna. Amin.
Ieu tugas teh tangtosna masih seueur kakirangan. Ku kituna, kritik sareng saran ti sadayana kalintang diajeng-ajengna, pikeun langkung nyampurnakeun eusi ieu tugas kapayunna.
Pamungkas, sok sanaos seueur kakirangan, mugia ieu tugas teh aya mangpaatna, hususna pikeun simkuring atuh umumna pikeun sakumna nu maca ieu tugas.
Pangjajap ieu dicekapkeun sakieu wae.hatur nuhun kana sadaya perhatosannana.





                                                            Sumedang,         November 2010

                                                                                   
       Penulis


BAB I
BUBUKA

A.    Latar Belakang
Urang salaku urang sunda geus sawajibna ngamumule budaya sunda hususna pantun sunda, pantun sunda mangrupakeun salah sahiji budaya sunda.

B.     Tujuan
1.      Urang tiasa terang ngeunaan pantun sunda
2.      Bahan kanggo ngabantu pembelajaran Basa Sunda.



BAB II
EUSI

  1. Pantun Sunda Sisindiran

      1.   Baju kutud heuret pola
            Dikelin teu dijalujur
            Mun teu cucud ti sakola
            Arisin balik ka lembur

      2.   Aron poe campur jeung gigih
            Mun didahar kabuhulan
            Niron ulangan kapanggih
            Era na teu cukup sabulan

      3.   Munteu jadi kapaseukna
            Ka pacirna oge hade
            Mun teu jadi kalanceukna
            Ka adina oge bae

      4.   Kahilir ka girang keun
            Anak bogo keur taraweh
            Ka impikeun ka gundamkeun
            Ka bogoh ka impi paeh



      5.   Ka cai lain rek mandi
            Rek ngadon ngejo ngisikan
            Ka cai lain rek janji
            Rek ngadon nenjo ngilikan

      6.   Ngala kungkang jeung si Jae
            Adina ceurik hayang mie ayam
            Tulisan akang meuni sae
            Meuni jiga ceker hayam

  1. Pantun Sunda Nasehat

  1. Samping batik juru tujuh
Carecet juru salawe
Ari nampik sing puguh
Ulah matak nyeuri hate

  1. Mawa peti dina sundung
Ditumpangan ku karanjang
Pangarti teu berat nanggung
Tapi mangfaatna manjang

  1. Aya botol ngajalajar
Di eusian ku cai kamper
Kudu getol dialajar
Sangkan jadi jalma pinter

  1. Ka bosok meuli kadong-dong
Di wadahan kanu carangka
Ulah sok loba ngabohong
Bisi asup ka naraka
  1. Aya lumut tinu batu
Aya kuya di muara
Urang sing emut kawaktu
Di dunia urang ngumbara

  1. Buah dalima buah kadong-dong
Dipeserna di pulau Jawa
Jadi jalma ulah sombong
Sangkan henteu di pikangewa

  1. Pantun Sunda Guyon/Gogonjakan

  1. Dangder baginda
Sembir nyangkokot
Bageur kacida
Nyengir rek nyogot

  1. Jalan-jalan ka ciparay
Balikna meuli benang sol
Aya budak meni lempay
Hanjakal bujalna dosol

  1. Kararas sayang galatik
Diwadahan kana kantong
Rarasaan jangkung leutik
                Awak buleud jiga gentong



  1. Ngaliwat ka leuweung tiis
Niat arek ka kamojang
Ngaku-ngaku selebritis
Padahal ukur bubujang

  1. Balikna rek meuli kancing
Ti Cikoneng tas nyusulan
Calikna teu daek cicing
Sihoreng aya bisulan

  1. Susukan cai ti gunung
Kaliki di pelak deui
Isukan bulan rayagung
Aki mah rek kawin deui

      D.  Pantun Sunda Sifat/Tingkah Laku Jelema

  1. Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna

  1. Kaliki di jieun parab
Talingkup di jieun dasi
Lalaki nu tanggung jawab
Hirup pinuh dedikasi




  1. Hayam leuweung hayam pelung
Di udag-udag ku kirik
Ulah sok ngaheureuyan jelema pundung
Lila-lila osok ceurik

  1. Piring katuruban sendok
Ngawadahan rujak huni
Kuring ge baheula denok
Ayeuna mah nini-nini

  1. Manuk sapu manuk haur
Eunteup dina sisi pager
Hirup anu jadi paur
Laku lampah nu teu bener

  1. Di basisir loba layur
Di ala kunu dibuat
Pikir abdi keur tagiwur
Sok asa kasuat-suat

E.  Pantun Sunda Gayung Bersambut

  1. A :  Wayang ku hade kaina
Tina kotak rek diigelkeun
Mojang jaman ayeuna
Jalingkak pikasebeuleun

B :  Lain tikukur lain heulang
Kaliki jeung jarak pager
Lain ukur para mojang
Lalaki oge loba nu teu bener



  1. A :  Kamari ulin ka samarinda
Terus nyimpang ka bima
Kuring mah da urang sunda
Nyebat ka indung teh Ema

B :  Di luhur aya bandera
Bandera gambar panda
Naha kuring kudu era
Pan ieu teh basa sunda

  1. A : Mang ihin meuni kasep
Cunihin oge kasep!
B :  Aya kungkang dina kaca
Aduh kang kedah ngaca!

  1. A:    Nungtun eneng ka Cigembong
   Aduh neng meuni sombong
B :   Kembang eros dinu inggis
Wios da geulis!

       5.  A:  Aya gunung putrid katutup samagaha
                  Ari neng putra saha?
            B:  Aya tukang kembang eros
                  Ah si akang seueur naros

       6.  A:  Aya linggis menang menta
                  Neng geulis akang cinta
            B:  Ucing-ucingan nyumput di para
                  Ih meuni teu boga ka era

Tidak ada komentar:

Posting Komentar